Tuesday, June 23, 2015

Imam Hasan Al-Banna (Sundanese)



Imam Hasan Al-Banna
Ku       : Abu Hilal
Majalah Bina Da’wah
Ieu tokoh anu ngadegkeun ihwanul muslimin téh, dilahirkeun di kota Mahmudiyah, kaasup wewengkon Propinsi Buhairoh, dina tahun 1906 M. Ramana, Ahmad Abdurrahman, salah saurang diantara ulama harita nu kawilang produktip, karangan-karanganna sumebar kamana-mana. Inyana punjul dina widang élmu hadis. Diantara karyana nu kawéntar, Fathur Robbani [Silsilah kitab Ahmad bin Hanbal] disagigireun ti éta anjeuna boga kaahlian ngajilis buku jeung ngoméan érloji. Pangpangna jam. Éta sababna inyana meunang gelar Sa’ati (tukang ngoméan jam).
I
mam Hasan Al-Banna, nu dina umur 14 taun geus tamat Al-Qur’an téh digedekeun ditengah-tengah kulawarga anu sholéh tur taat kana agama. Ku kolotna disakolakeun ka madrasah Al-Rasyad. Satamatna dituluykeun ka sakola tingkat menengah.
            Dina mangsa keur meujeuhna bélékéstréng inyana kawilang budak anu calakan, rapekan tur gedé pisan karepna pikeun nyebarkeun da’wah nu leuwih jinek jeung cindek, sistimatis sarta gampang katarima, malar hasilna leuwih nyugemakeun. Éta sababna inyana jeung pada baturna nu sapamadegan di sakola ngadegkeun pakumpulan da’wah jam’iyyatul Akhlakil Adabiyah. Teu kungsi lila ti harita inyana ngadegkeun deui Jam’iyatul Man’il Muharramat (hiji gempungan pikeun negah pagawéan-pagawéan haram)
            Pikeun leuwih neuleuman dina widang élmu kaluhuran budi, inyana ancrub dina tarékat Hashafiyah, anu gedé pisan pangaruhna kana dirina. Ku kituna teu kudu anéh upama inyana kakoncara ngabogaan sifat zuhud, tawadlu tur salawasna bajoang tanpa pamrih.
            Saréngséna ti sakola tingkat menengahinyana neruskeun deui ka sakola Guru Darrul Mu’allimin di Damanhur dina taun 1920. Tapi dina taun 1923 pindah ka Kairo, sarta ngagagung di sakola Daul ‘Ulum , nu ngabogaan jasa gedé dina raraga ngabina jeung ngatik para kader élmuwan muslim. Nya di dinya pisan anjeuna kaasah uteukna kasipuh daya intelektualna, duméh  disagigireun remen ngariung jeung para ulama Al-Azhar téh, ogé anjeuna teu pétot-pétot ngadatangan kapustakaan Salafiyah pikeun nambahan pangaweruhna ngaliwatan buku.
            Taun 1927, Imam Hasan Al-Banna ngaréngsékeun atikan formalna di Darul Ulum kalawan hasil nu nyugemakeun. Teu kungsi lila ti harita di Benum jadi guru di sakola Menengah di Kota Ismailiyyah nu aya di wewengkon terusan Suez. Sarta di ieu kota Hasan Al-Banna jeung genepan baturna ngadegkeun Gempungan (Organisasi) Al-Ikhwanul Muslimin, dina bulan Dzulqodah 1347H/Maret 1928 M.
            Gerakan da’wah Ikhwanul Muslimin ti anggalna kénéh geus kanyahoan bedana ti nu séjén; mulang deui kana kaaslian Islam dumasar kana Al-Qur’an jeung Sunnah Rosulullah SAW, bari usaha satékah polah pikeun ngajauhkeun diri tina pacengkadan nu sok ngakibatkeun paburencayna alatan béda tina masalah furu jeung madzhab.
            Inyana leuwih nekenkeun ka para generasi ngora, sangkan bener-bener ngarti yen islam teh lain ngan ukurnguruskeun ibadah mahloh. Tapi Islam mah leuwih lega ambahanana (universal); Islam mah agama jeung nagara, ibadah jeung jihad, sarta mangrupa sistimatis hukum nu sampurna pikeun ngatur sakabéh kahirupan ummat manusa dina sagala widang kahirupan, atikan, sosial, ekonomi jeung pulitik.
Medalkeun Majalah jeung Buletin
            Di kota Ismailiyah, Imam Hasan Al-Banna mampuh ngadegkeun masjid jeung markas tempat ngariungna para anggota Ikhwanul Muslimin. Saterusna ngadegkeun paguronan luhur Islam Hira jeung Madrasah Ummahatul Muslimin. Ti harita mimiti nyebarkeun da’wah ka pa sisian, desa jeung pakampungan nu aya disabudereun Imailiyah.
            Dina taun 1932, Imam Hasan Al-Banna pindah ka kota Kairo, Ibukotana karajaan Mesir. Sakaligus pindah jeung kantor pusatna Ikhwanul Muslimin ka éta kota.
            Ku sikep nu salawasna lemah asor, wijaksana tur teu weléh gedé hampura sarta ditembongkeunna sifat tawadlu jeung zuhud, mangka teu anéh upama loba jalma waktu harita nu ngarasa kataji ku Hasan Al-Banna ni jadi pigur Ikhwanul Muslimin. Éta sababna dina waktu nu kawilang singket, Ikhwanul Muslimin geus sumebar ka sakuliah Mesir.
            Malah da’wah na leuwih nyebar deui, inyana ngagunakeun mas media citak nu cara medalkeun Majalah Ikhwanul Muslimin (nu medal saminggu sakali) majalah Nadzir jeung rupa-rupa brosur sarta buletin. Tapi sok sanajan kitu, inyana teu kungsi ninggalkeun jama’ah binaanana dina widang atikan formal, malah beunang disebutkeun ku cara da’wah ieu pisan mampuh jadi panaratas jalan pikeun ngahudangkeun deui pergerakan Islam disakuliah dunya.
            Imam Hasan Al-Banna ngabogaan cita-cita sangkan da’wahna sumebar, lain ngan ukur di Mesir wungkul, tapi kudu mampuh ngahontal nagara-nagara séjénna. Pangpangna nagara nu mayoritas rahayatna ummat Islam. Ku kituna anjeuna ngutus murid-muridna ka nagara-nagara Islam pikeun ngabahas kaayaan jeung pasualan nu disanghareupan ku masing-masing. Engken jadi bahan sawala di kantor pusatna. Sarta kudu diteangan jalan kaluarna. Dimana geus aya hubungan sacara aqidah kitu, saban nagara baris mampuh pikeun ngahudangkeun ruh jihadna masing-masing demi nanjeurkeun Islam sacara Kaffah.
            Nu matak teu anéh upama dina taun opat puluhan, da’wah Ikhwanul Muslimin geus  ngarambah nagara-nagara nu aya di Afrika kaler, Yaman, India, Pakistan, Indonesia, Afganistan, Sudan, Somalia, Suriah, Irak, jeung Palestina.
Nyingkahan Ikhtilaf
            Diantara para mujadid jeung tokoh Islam kiwari, Imam Hasan Al-Banna kaasup kana salah saurang anu ati-ati pisan dina nyanghareupan Ikhtilaf ummat. Sabab keur inyana mah nu diutamakeun téh kumaha carana sangkan ummat bisa ngahiji. Sabab lamun tei kitu pamohalan ummat Islam boga kakuatan pikeun nyanghareupan musuh-musuh Islam.
            Da’wah Al-Banna lahir nalika ummat islam katibanan musibah pacorok-corokna  curuk jeung paburencay dina sagala widang, boh di Mesir atawa di nagara Islam sejenna.
            Dina widang pulitik pangpangna sanggeus runtagna kahalifahan Utsmaniyah nya lahir rupa-rupa “bendéra”. Geus teu aya deui papayung nu mampuh ngahijikeun ummat Islam dina hiji beungkeutan khilafah. Tarékah pikeun ngahirupkeun deui kahalifahan islam gagal total. Akibatna lahir sagala rupa nasionalisme nu silih musuhan jeung papada batur sorangan. Saterusna lahir rupa-rupa partét-partéy pulitik nu sapuk pikeun teu sapagos ngahiji. Pamustunganana bisa dijadikeun alat pikeun kapentingan musuh-musuh islam dina raraga ngaburak-barik ummat Islam.
            Dina wisang pola pikir, nya lahir propaganda “pembaratan” sarta uar pangajak sangkan nuturkeun tapak lacak “Barat” dina sagala widang kahirupan (alus atawa goreng, pait jeung amisna). Maranéhna miharep aya demokrasi liberal jeung kapitalisme sakumaha ni diterapkeun di nagara-nagara barat. Di pihak sejenna muncul jalma-jalma nu nyoarakeun sosialisme jeung komunisma, sok sanajan harita mah masih kénéh loba nu susulumputan.
            Disagigireun ti éta ogé jalma-jalma nu uar umajak pikeun ‘Uzlah (ngasingkeun manéh), pikeun ngajauhkeun diri tina pangaruh ajaran-ajaran barat nu matak ngagebruskeun kana jungkrang kahinaan.
            Dina widang agama lahir sababaraha golongan; aya kelompok Al-Azhar sarta madzhabna anu opat jeung pasalia pahamna para ulamana dina urusan ijtihad jeung taklid. Aya kelompok Tasawuf anu rupa-rupa aliranana, beda-beda syehna tur loba para panganutna nu sumebar di mana-mana. Aya golongan jama’ah-jama’ah Islam jeung rupa-rupa ngarahna, Jami’ah Syari’ah, Jami’ah Ansharus Sunnah, Jami’ah Syubbabul Muslimin, Jami’ah Syabba Sayidina Muhammad Saw jrrd.
            Nalika masih dikota Islamiyyah kénéh Hasan Al-Banna geus ngamimitian da’wahna dina mangsa ummat Islam keur pasulangkrah paham tur paburencay; pangpangna antara golongan Salafiyah jeung golongan Supiyah.
            Nepika pacorok-corok curukna téh kabawa ka masjid, nepika jalma-jalma nu sarolat ogé paburencay jadi sababaraha golongan nu remen silih goréngkeun, silih siku jeung silih hasudan. Akibatna maranéhna geus horéam mun kudu ngama’muman ka nu lain golonganana, atawa sanggeuk lamun kudu sholat di masjid nu beda pahamna. Nu pangparnana mah antara dua golongan téh geus wani silih kafirkeun, padahal sarua palebah akidahna mah. Ngan mungkin beda dina qoidahna.
            Dumasar kana éta kanyataan. Hasan Al-Banna ngarobah taktik strategi da’wahna ku jalan narékahan pikeun ngadeukeutan ummat di tempat-tempat séjénna; warung-warung kopi, pasar-pasar jeung tempat-tempat umum lianna. Sok sanajan lamun ditilik tina palebah kataatan mah mungkin baé maranéhna téh rada kurang, tapi dina perkara séjénna mah masih keneh beresih tina pangaruh “virus” paburencay nu harita keur meujeuhna mahabi dina lingkungan ummat Islam.
            Dina nyanghareupan rupa-rupa masalah éta, inyana ngagunakeun cara nu wijaksana, nyaéta ngutamakeun pasualan nu kira-kira dianggap “prinsipil”, sarta nganteup kana pasuala-pasualan nu patali jeung furu, salila teu matak ngaruksak akidah, saperti pasualan nasionalisme, tawasul jeung tata cara ibadah, jrrd.
10 Wasiat Hasan Al-Banna
             Diantara kawajiban para anggota Ikhwanul Muslimin, nyaéta kudu apal tur ngalaksanakeun 10 wasiat, malar jadi bekel dimana waé maranéhna aya. 10 wasiat tadi téh nyaéta :
1.      Kudu gura giru ngalaksanakeun sholat dimana geus manjing adzan. Sok sanajan dina kaayaan kumaha baé ogé.
2.      Kudu leukeun maca al-Quran, lenyepan eusina, sarta salawasna dzikir ka Gusti Alloh. Ulah ngahambur-hamburkeun waktu kalawan teu puguh juntrungna.
3.      Kudu daék diajar jeung salawasna ngalatih diri sangkan faseh basa Arab, sabab éta téh mangrupa salah sahiji syiar Islam.
4.      Ulah sok ngalobakeun debat kusir dina perkara nu teu aya patalina jeung agama, sabab perkara kitu téh teu matak jadi kahadéan.
5.      Ulah sok ngalobakeun teuing seuri, sabab haté nu deukeut ka Alloh téh nyaéta haté nu salawasna tengtrem.
6.      Ulah sok ngalobakeun teuing heureuy. Ummat nu bener-bener disebut mujahid teu apal kanu ngaranna kaulinan kajaba suhud.
7.      Ulah sok nyarita kaleuleuwihi, saba perkara kitu téh matak ngaganggu pangdéngé batur.
8.      Jauhan kabiasaan ngumat simuat atawa ngaya-ngayakeun nu sabenerna mah teu aya, sarta ulah sok nyaritakeun kagoréngan tapi caritakeun kahadéan.
9.      Wawuhan jalma séjén dimana waé anjeun panggih, sok sanajan manéhna haré-haré. Sabab dasar da’wah urang mah silih asih tur silih wanohan.
10.  Kawajiban aranjeun leuwih loba batan waktu aranjeun. Ku sabab kitu kudu silih bantuan, silih tulungan jeung nu lianna pikeun ngamangpa’atkeun waktu aranjeun. Sarta dimana nyanghareupan masalah, buru-buru réngsékeun. Ulah diéngké-éngké.
Ngalawan Israél
            Pasualan nu keur disanghareupan ku rahayat Paléstina mangsa harita, jadi bahan perhatian nu khusus pikeun Hasan Al-Banna. Ti tengahna kénéh anjeuna geus ngawanti-wanti kana bahayana Yahudi. Ikhwanul Muslimin sorangan ti mimiti kajadian révolusi di Paléstina dina taun 948, geus ngirimkeun anggota-anggotana, jadi sukarélawan nu ditempatkeun di wewengkon belah wétan Mesir jeung wewengkon beulah kulon Suriah. Sarta maranéhna ngabarogaan jasa nu kawilang gedéna pikeun kapentingan Islam.
            Dina diri anggota Ikhwanul Muslimin sakumna geus tumuwuh kasadaran ngeunaan harkat jeung  kahormatan diri, moralitas pribadi, sumanget jeung pangorbanan. Sarta harti nu leuwih jero ngeunaan kamilitéran.

0 comments:

Post a Comment

Powered by Blogger.

You can replace this text by going to "Layout" and then "Page Elements" section. Edit " About "